Saturday, July 30, 2011

Wilujeng Shaum Ramadhan 1432 H

assalamualaikum. teu karaos enjing teh tos saum deui, sim kuring bade ngahaturkeun wilujeng shaum ka sadaya baraya nu kersa sumping ka ieu blog hatur nuhun pisan. kuring oge bade nyuhungkeun dihapunten samudaya kalepatan sareng kaluluputan salami ieu. bilih aya carios nu teu sapagodos, bilih aya tingkah nu teu marenah, bilih aya lampah nu matak raheut manah, bilih tisoledat ucap, bilih ti sorodot omong, bilih pasalia paham, mugi agung cukup lumur, neda jembar hapuntenna tina samudaya ning kalepatan ageung kalih alitna, lebeting mapag sasih nu pinuh barokah, ramadhan nu bakal dongkap. mugi-mugi weh kiat shaumna. mugi Allah SWT maparin kakiatan ka urang sadayana, mudah-mudahan ibadah shaum urang ditampi ku mantenNA. amin. 


Wilujeng Shaum Ramadhan 1432 H
 

No comments:

Post a Comment